Kamis, 06 November 2008

bungur beres lemah cai kuring


kampung halaman bungur beres tea euy....


abdi salaku wargi desa bungur beres anu cinta kana lemah cai,sim kuring bade ngawartosan kasadaya bloger mania anu resep jeng bener bogoh ka lemah cai....( romans abis cuy ).

sim kuring nyejakeun waktu kanggo ngadamel ieu carita lemah cai sim kuring,mugi-mugi bisa di janteunkeun pelajaran anu berharga bahwa lemah cai sorangan teh adalah tempat anu pang di pikaresep ku didi urang sorangan salaku rakyat di lemah cai urang...


BUNGUR BERES teh desa anu letakna aya di kabupaten kuningan di kecamatan cilebak.
Desa anu ku sim abdi di bangga banggakeun,anu dimana abdi lahir sareng ageng di ieu desa...
aduh...resep oge abdi teh bewarakeun ieu desa...
desa bungur beres teh desa alit,anu dimana penduduk na terdiri ti jalmi jalmi anu gaduh kahoyong janten jalmi anu sukses....
didesa ieu abdi lahir,abdi gaduh sodara anu bener bener sayang abdi..
desa ieu jalmina rata rata jalmi teu gaduh,tapi sebagian aya nu janten pedagang, aya oge nu janten PNS eta oge ngan janten guru...
tapi abdi...salaku jalmi teu gaduh, ngagaduhan tekad anu bener2 hoyong di wujudkeun...
abdi hoyong janten jalmi anu aya baktina ka lemah cai,terutama ka orang tua..
bungur beres teh asalna ti tangkal bungur nu seueur anu ngajejer beres di sisi desa sim kuring.bungur beres oge di lingkungan ku gunung anu endah,nu bisa di jantenkeun pamandangan nu moal kahilapkeun sapanjang hirup.....

Aya oge lebak cimonte anu panjang anu ngalir ka sapanjang kacamatan anu aya di wilayah kabupaten kuningan.
cai na ku jalmi di desa sok di angge kanggo kahirupan jang sapopoena...
maklum teu acan aya PAM..ngan nganggo anu sa aya-aya tina alam,nami na oge desa...
waktu kapungkurmah jalan na oge awon,tp alhamdulilah ayena mah teu jauh tina jalan kota tos hotmik....
lanjut cuy ceritanya euy...
tapi kapan lg ja ya

1 komentar:

deyus mengatakan...

buat artikel diri sendiri dari mulai orok samapai saat ini dalam bahasa inggris, tidak kuarang dari satu halaman A4 or 45 baris. ok

ayo dong bikin blognya yang bagusssss, samapai saaat ini belum ada yang good